Takdir Allah
Isuk-isuk haneut moyanPanon poe bijil tibelah wetan
Langit bengras caang
Matak ngeunah nu rek indit-inditan
Harita teh wanci ashar poe salasa
Kuring reuwas kawas kabentar gelap
Anu tadi isuk-isuk caang,jadi hujan
Hujan alam hujan cimata
Bapa nu mikanyaah geus ninggalkeun salilana
Takdir Allah tos misahkeun kuring
Sanajan geus jadi budak yatim
Tapi kudu merjuangkeun hirup keur kahareupna